SundaNet

Portal Komunitas Sunda
Patilasan

Archives for the ‘Nurul Hikmah’ Category

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS 30 (bagian 2)

By admin • Dec 20th, 2004 • Category: Nurul Hikmah

15. SAKARATNA JELEMA ANU KAPIR KACIDA PIKAWATIREUNANA (:79/1) - rhs, 17 Jumadilahir 1428 H

  • Sakaratna jalma kapir, estuning ku matak watir,ku Ijroil digebugan, anu kapir diteunggeulan.
  • Digebugan sahabekna, sangkan ka luar nyawana, nyawana mugen embungeun, sieun dikanarakakeun.
  • Si nyawa didudut tarik, nyawa teh ngajerit ceurik, tingkoceak sosongkolan, sakaratna nu teu iman.
  • Naha atuh maneh kapir, teu inget engke di ahir, bakal pinanggih jeung maot, dipapag malakal maot.
  • Sanajan ampun-ampunan, enggeus euweuh kasempetan, tobatna geus elat teuing, naha baheula teu eling.
  • Tarima bae buktina, sabab teu iman teu takwa, marukan teh bakal lana, langgeng rek hirup di dunya.
  • Na naon nu diteangan, ngumbar napsu tetemenan, terang-terang geus lekasan, malakalmaot nungguan.


NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS 30 (bagian 1)

By admin • Dec 1st, 2004 • Category: Nurul Hikmah

1. KIAMAT TEH TANGTOS BAKAL KAJADIAN (:78/1,2,3,4,5) - rhs, 29 Jumadilawal 1424 H

  • Assalamu’alaikum, ka muslimin wal muslimat,

    asalamu’alaikum, ka mu’minin wal mu’minat.
  • Seja nyanggakeun nadoman, sumberna ayat Al-Qur’an,

    juz anu ka tilupuluh, mugia jadi pituduh.
  • An-Naba’ nami suratna, tujuhdalapan nomerna,

    dupi nu jadi ayatna, kahiji dugi kalima,
  • Anu kapir teu percaya, yen kiamat bakal aya,

    pajar ukur nyingsieunan,nu kapir teh seuseurian,
  • Padahal kiamat pasti, bakal cunduk hiji wanci,

    nu uninga mung Ilahi, manusa mah moal ngarti.
  • Mun kiamat enggeus cunduk, nu kapir bati ngaheruk,

    kakara sadar jeung eling, elingna geus elat teuing,
  • Nu mawi yeuh kanca mitra, urang teh wajib percaya,

    engke dina hiji mangsa, kiamat pasti cundukna.
  • Ti ayeuna urang tobat, samemeh dongkap kiamat,

    mugi Alloh ngahampura, kana samudaya dosa.


NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 8)

By admin • Apr 19th, 2004 • Category: Nurul Hikmah

71. KUDU SABAR (:2/127) - rhs, 4 Syawal 1421 H

  • Upama gaduh kahayang, ulah osok rurusuhan,

    kudu bari sabar diri, kudu tartib ati-ati.
  • Contona ngadegkeun Ka’bah, ku Ibrahim di baladah,

    ngentepkeun batu teh nungtut, ku leukeun mah nya ngawujud.
  • Mun keur migawe garapan, kudu sabar dileukeunan,

    bari muntang ka Ilahi, gawe teh jadi pangbakti.


NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 7)

By admin • Feb 23rd, 2004 • Category: Nurul Hikmah

61. NURUL HIKMAH (:2/115) - rhs, 4 Syawal 1421 H

  • Sapanjang nyanghareup ngulon, ngetan deui ngetan deui,

    sapanjang nyanghareup ngidul, ngaler deui ngaler deui,
  • Madhab opat sagemblengna, jagat raya sagebarna,

    kagungan Alloh Ta’ala, kalimpudan iradah-Na.
  • Rahmat kurnia Mantenna, ngalingkupan jagat raya,

    jembar teu aya watesna, Alloh Nu Maha Uninga.
  • Sabudeurna puter jagat, estu kalampud kalampat,

    kacebor ku rahmat ni’mat, ti Alloh Nu Maha Ha’at.


NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 6)

By admin • Feb 17th, 2004 • Category: Nurul Hikmah

51. WAKTU KEDAH DIANGGO IBADAH (:2/94,95,96) - rhs, 4 Syawal 1421 H

  • Seueur pisan nu nga’dua, hayang paranjang umurna,

    Padahal mun henteu taqwa, panjang umur teh teu guna.
  • Panjang umur sadi siksa, lamun seug salah ngeusina,

    Panjang umur teu mangpa’at, lamun henteu daek solat.
  • Panjang umur bari iman, eta kurnia pangeran,

    Waktu dipake ibadah, umurna ge pinuh berekah.
  • Panjang umur eta bagja, lamun dibarengan takwa,

    Hirup teh gede gunana, lamun seug bisa ngaturna.


NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 5)

By admin • May 1st, 2003 • Category: Nurul Hikmah

41. PERBAWANA DUNYA (:2/67,68,69,70) - rhs, 3 Syawal 1421 H

  • Perbawa haliah dunya, mindengna mah sok kacida,

    marageuhan bebeneran, asa bener ceuk sorangan.
  • Dugi ka dawuh Ilahi, dirugal-rigel pribadi,

    ngahaja ditarekahan, sangkan teu karurugian.
  • Nyieun rupaning alesan, ngahaja dipalikiran,

    dawuh Alloh diakalan, sangkan jadi kauntungan.
  • Saperti urang Yahudi, awahing nyaah ku sapi,

    api-api nu teu ngarti, kana dawuhan Ilahi.
  • Nu kitu munapek pasti, saperti urang Yahudi,

    bakal dibendon ku Gusti, Alloh mah Maha Tingali.


NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 4)

By admin • Feb 17th, 2003 • Category: Nurul Hikmah

31. ULAH NURUTAN JELEMA ANU DOLIM (:2/51,52) - rhs, 1 Syawal 1421 H

  • Nu dolim tong diturutan, baheula geus kaalaman,

    umat jaman Nabi Musa, nyarembah arca berhala.
  • Padahal geus dielingan, ku Nabi Musa utusan,

    dina Toret geus diserat, Alloh maparin amanat.
  • Urang ge jaman ayeuna, kade ulah kitu peta,

    gawe ngumpul-ngumpul harta, harta dijieun berhala.
  • Mun rumaos nyorang lepat, atuh kedah gancang tobat,

    da Alloh mah Maha Heman, ngahapunten kalepatan.


NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 3)

By admin • Jan 9th, 2003 • Category: Nurul Hikmah

21. MANUSA DIPAPARINAN AKAL (:2/31,32,33,34) - rhs, 3 Syawal 1421 H

  • Manusa unggul darajat, dibanding jeung malaikat,

    margi ku Kersa Ilahi, dipaparinan pangarti.
  • Dipaparinan katerang, apal ngaran barang-barang,

    malaikat mah teu terang, kana ngaran barang-barang.
  • Eta unggulna manusa, dipaparin pangabisa,

    ku Alloh Maha Kawasa, Hakim Maha Wijaksana.
  • Alloh Nu Maha Uninga, kana rasiahna jalma,

    nu kedal mangrupi lisan, boh nu buni disimbutan.


NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 2)

By admin • Dec 20th, 2002 • Category: Nurul Hikmah

11. CAHAYA KILAT SAJORELAT (:2/19) - rhs, 2 Syawal 1421 H

  • Pareng leumpang tengah peuting, poek mongkleng sepi jempling,

    ngadadak baranyay kilat, serab kilat sajorelat.
  • Jelebet sorana tarik, dunya eundeur rek tibalik,

    tinggorowok tingkoceak, asa kiamat ngadadak.
  • Gelap dor-dar tingjelegur, dunya asa arek lebur,

    nu munapek tingjarerit, sieun maot jadi mayit.
  • Careurik aluk-alukan, anak bojo dicalukan,

    tapi taya nu nembalan, hayang salamet sorangan.
  • Kitu misil nu munapek, leumpang ngatog di nu poek,

    uyup-ayap rungah-ringeuh, hatena tagiwur riweuh.
  • Nu munapek lolong hate, teu apal goreng jeung hade,

    cilaka estu cilaka, nu munapek ka naraka.
  • Alloh Nu Maha Ngamurba, ngamurba ka sadayana,

    sadaya mahluk Mantenna, Alloh Nu Maha Kawasa.


NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I

By admin • Nov 18th, 2002 • Category: Nurul Hikmah

1. ALLOH ANU MAHA UNINGA (:2/1,2) - rhs, 1 Syawal 1421 H

  • Alloh Nu Maha Uninga, kana sadaya dawuh-Na,

    mungguhing urang manusa, wajib kedah percantenna.
  • Kana Qur’an ulah hamham, ulah waswas ragu-ragu,

    upami urang mihamham, tangtos urang buntu laku.
  • Sadaya umat Pangeran, kedah kenging tuduh jalan,

    nu mawi lumungsur Qur’an, pikeun tuduh jalan iman.
  • Tawisna nu takwa to’at, yakin ayana aherat,

    solatna teh tara pegat, ku Alloh tangtos dirahmat.