SundaNet

Portal Komunitas Sunda
Patilasan

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS 30 (bagian 2)

admin • 20 Dec 2004 • Kategori: Nurul Hikmah

15. SAKARATNA JELEMA ANU KAPIR KACIDA PIKAWATIREUNANA (:79/1) - rhs, 17 Jumadilahir 1428 H

  • Sakaratna jalma kapir, estuning ku matak watir,ku Ijroil digebugan, anu kapir diteunggeulan.
  • Digebugan sahabekna, sangkan ka luar nyawana, nyawana mugen embungeun, sieun dikanarakakeun.
  • Si nyawa didudut tarik, nyawa teh ngajerit ceurik, tingkoceak sosongkolan, sakaratna nu teu iman.
  • Naha atuh maneh kapir, teu inget engke di ahir, bakal pinanggih jeung maot, dipapag malakal maot.
  • Sanajan ampun-ampunan, enggeus euweuh kasempetan, tobatna geus elat teuing, naha baheula teu eling.
  • Tarima bae buktina, sabab teu iman teu takwa, marukan teh bakal lana, langgeng rek hirup di dunya.
  • Na naon nu diteangan, ngumbar napsu tetemenan, terang-terang geus lekasan, malakalmaot nungguan.

16. MAOTNA JELEMA ANU MU’MIN MAH ESTU PASRAH PISAN (:79/2,3,4) - rhs, 17 Jumadilahir 1428 H

  • Ijroil diutus deui, nampi pancen ti Ilahi,

    pikeun nyabut deui nyawa, nyawana jalma nu takwa.
  • Ijroil nyanggakeun salam, panghormat ka mu’min Islam,

    sang nyawa teh digentraan, seug ka luar lalaunan.
  • Sang Nyawa lajeng dibetot, ditarik malakal maot,

    ditarikna lalaunan, teu pegat maca wiridan.
  • Ngageleser ngagulusur, lungsur-langsar narik umur,

    teu pisan karaos nyeri, pupus iklas rido ati.
  • Malaikat nu sanesna, lalebet ka salirana,

    nyabutan roh nu sanesna, tina sel-sel salirana.
  • Malaikat nu sanesna, jajap nyawa ka sawarga,

    nyawa nu iman nu takwa, pupusna bagja kacida.
  • Muga teuing diri urang, lamun engke kedah mulang,

    lamun geus cunduk waktuna, datang ajal geus mangsana.
  • Hoyong maot iman takwa, iklas ngaleupaskeun nyawa,

    maot nuju muslim mu’min, ngadeuheus Robul a’lamin.

17. SADAYA MALAIKAT PADA KAGUNGAN PANCEN TI ALLOH SWT (:79/5,6,7) - rhs, Jumadilahir 1428 H

  • Malaikat sadayana, pada kagungan tugasna,

    sadaya jadi utusan, kenging pancen ti Pangeran.
  • Ari tugas malaikat, ngajaga sareng ngarumat,

    ngatur sagebarna jagat, henteu aya nu kaliwat.
  • Bentang-bentang nu di langit, tingcarelak tingkaretip,

    panonpoe sareng bulan, sadaya tumut aturan.
  • Tapi dina hiji mangsa, ngadadak sajagat raya,

    ancur lebur pabalatak, dunya bencar paburantak.
  • Dunya sakitu wedelna, harita ancur sadaya,

    eta teh kiamat tea, bakal bukti hiji mangsa.

18. JELEMA ANU GEUS MARAOT BAKAL DIHIRUPKEUN DEUI DINA POE PANGADILAN (:79/8,9,10,11,12,13,14) - rhs, 17 Jumadilahir 1428 H

  • Dupi poe pangadilan, eta bakal dicirian,

    aya tangara soara, nu disebut sangkakala.
  • Sangkakala nu kadua, sorana tarik kacida,

    nu maot harudang deui, ka luar ti jero bumi.
  • Kabeh manusa degdegan, hatena teh gegebegan,

    pikir ketir sieun pisan, mikiran nasib sorangan.
  • Silih rangkul jeung baturna silih tanya jeung sobatna,

    euleuh geuning hirup deui, padahal geus maot lami.
  • Geus tangtu urang cilaka, da hirup pinuh ku dosa,

    rugi teuing diri urang, cilaka henteu kapalang.
  • Sakabeh umat careurik, rajeg di sagara keusik,

    narangtung luhur tegalan, nu legana tan wangenan.
  • Eta poe pangadilan, bakal nampi kaputusan,

    saha anu ka sawarga, jeung saha nu ka naraka.

19. NABI MUSA AS. DIPIWARANG NEPANGAN FIR’AON (:79/15,16,17,18,19,20) - rhs, Jumadilahir 1428 H

  • Kacarios Nabi Musa, harita linggih di Thuwa,

    munajat ka lenggah Gusti, kenging dawuh ti Ilahi.
  • Pidawuh Alloh Ta’ala, katampi ku Nabi Musa,

    yen kedah angkat ka Mesir, nepangan Fir’aon kapir.
  • Raja Fir’aon kamashur, kaasup raja nu kupur,

    galak gangas ngagalaksak, di dunya ngan nyieun ruksak.
  • Sugan mun ku Nabi Musa, Fir’aon robah adatna,

    tina kapir jadi takwa, nyembah ka Alloh Ta’ala.
  • Lajeng bae Nabi Musa, ngajugjug ka Mesir tea,

    maksadna bade nepangan, Fir’aon rek dielingan.
  • Mun Fir’aon daek eling, ku Musa bakal diaping,

    dituyun ka jalan iman, nyembah ka Alloh Nu Heman.
  • Malah Kangjeng Nabi Musa,ningalikeun muji’zatna,

    tapi Fir’aon mantangul,bedegong keukeuh ngabedul.

20. FIR’AON NGANGGAP DIRINA JADI PANGERAN (:79/21,22,23,24,25,26) - rhs, 18 Jumadilahir 1428 H

  • Dasar Fir’aon nu kapir, hese diajakan lilir,

    napsuna angger ngaberung, dasar kapir jalma linglung.
  • Malah jadi malik ngewa, miceuceub ka Nabi Musa,

    pajar sarapna kaganggu, ngaku-ngaku meunang wahyu.
  • Dikumpulkeun rahayatna, pok Fir’aon teh nyarita,

    pangeranna Nabi Musa, eta teh bohong kacida.
  • Pangeran mah nya kaula, nu disembah sanagara,

    Fir’aon anu ngawasa, kitu Fir’aon ngomongna.
  • Gusti Alloh lajeng bendu, ka mahluk nu model kitu,

    anu sombong gede hulu, bakal dila’nat geus tangtu.
  • Di dunya bakal dila’nat, komo engke di aherat,

    kisah Fir’aon baheula, pieunteungeun sarerea.

21. KAAGUNGANANA ALLOH SWT (:79/27,28,29,30,31,32,33) - rhs, 18 Jumadilahir 1428 H

  • Dangukeun ieu nadoman, sumangga geura lenyepan,

    kaagungan Gusti Alloh, estu hebat subhan-Alloh.
  • Kanggo Alloh mah teu sesah, nyipta manusa sakumna,

    kanggo Alloh mah teu sesah, nyiptakeun sajagat raya.
  • Alloh mah maha-keresa, teu langkung sakeresa-Na,

    dunya ngadadak ngagelar, bumi alam lega ngampar.
  • Geura sumangga tingali, geura titenan ti wengi,

    ngadadak poek meredong, leumpang oge rarang-rorong.
  • Tapi upama ti siang, panonpoe ngempray caang,

    sadaya ciptaan Gusti, dibeberes teu pahili.
  • Lajeng tina sela taneuh, ngadadak taneuh teh baseuh,

    malancer cai nyusuna, ngalocor walunganana.
  • Tina taneuh anu tadi, renung jujukutan jadi,

    hejo ngemploh pepelakan, karembangan baruahan.
  • Tuh tingali itu pasir, ngajajar pating jalegir,

    tuh tingali itu gunung, ngabedega jararangkung.
  • Sadaya ciptaan Alloh, hebatna teh subhan-Alloh,

    sadaya pikeun manusa, matak kudu iman takwa.

22. ARI GEUS DATANG KIAMAT KAKARA MANUSA TEH ARELING (:79/34,35,36,37,38,39) - rhs, 18 Jumadilahir 1428 H

  • Ras emut dinten kiamat, kajadian anu hebat,

    ancur lebur alam dunya, kitu deui jagat raya.
  • Kakara jelema eling, kiamat harita geuning,

    datangna ngadadak pisan, tinggaroak jejeritan.
  • Ras inget kana dosana, dosa nu dipilampahna,

    teu lila lawang dibuka, lawang asup ka naraka.
  • Naraka keur jalma kapir, anu hirupna mubadir,

    anu muja kana harta, sarua muja berhala.
  • Geuning ari kapir tea, rek saha bae jalmana,

    anu hirupna pidunya, eta teh kapir sipatna.
  • Tah jelema anu kitu, ka naraka enggeus tangtu,

    bakal jadi balad setan, di naraka pangancikan.

23. SAWARGA TEH PIKEUN JELEMA ANU IMAN TAKWA (:79/40,41) - rhs, 18 Jumadilahir 1428 H

  • Bagja temen jalma takwa, iman ka Alloh Ta’ala,

    anu teu kendat wiridan, nyebat asmaning Pangeran.
  • Bagja temen jalma mu’min, anu iman hakul yakin,

    nu mampuh ngajaga diri, hirupna boga kadali.
  • Mampuh ngadalian napsu, hirupna henteu kalangsu,

    napsu lahir napsu batin, kadalina takwa mu’min.
  • Jalma anu iman takwa, bakal lenggah di sawarga,

    dirahmat ku Nu Kawasa, bagja teuing ahli sorga.

24. IRAHA-IRAHANA KAJADIAN KIAMAT ANU UNINGA ANGING ALLOH SWT (:79/42,43,44,45) - rhs, 18 Jumadilahir 1428 H

  • Ayeuna oge sok aya, pirajeunan tunyu-tanya,

    kiamat iraha bukti, naha beurang naha wengi.
  • Mun aya nu nanya kitu, pek jawab anu saestu,

    kiamat iraha bukti, mung Alloh anu tingali.
  • Urang mah mung ukur mahluk, saukur tumut jeung tunduk,

    ngan ukur ngajadi saksi, kiamat datangna pasti.
  • Kawajiban diri urang, ibadah peuting jeung beurang,

    sumujud ka Gusti Alloh, miharep ridoning Alloh.
  • Urang mah ukur ngelingan, ngahudangkeun kasadaran,

    yen kiamat pasti bukti, kaalaman hiji wanci.

25. URANG HIRUP DI DUNYA TEH HENTEU LAMI (:79/46) - rhs, 18 Jumadilahir 1428 H

  • Dangukeun ieu sing hidmat, nami surat An-Naziaat,

    ayat opatpuluh genep, lenyepan mangka saregep.
  • Nalika kiamat datang, duka ti peuting ti beurang,

    manusa kakara sadar, yen hirup mubah kalantar.
  • Hanjakal kakara eling, waktuna geus elat teuing,

    enggeus beakeun waktuna, nutup lawang pangampura.
  • Katambah waktu harita, karasa ku sarerea,

    di dunya asa can lila, kakara sakedet netra.
  • Hirup teh asa can lami, asa kakara kamari,

    malah asa karek tadi, kitu rarasaan jalmi.
  • Terang-terang enggeus ahir, dunya eureun henteu muntir,

    ancur lebur jagat raya, kiamat teh nya harita.

TAMAT - NADOMAN NURUL HIKMAH, Tina Surat AN-NAZIAAT

Kintun komentar